WHAT'S NEW?
Post Space...

Ciri Jelema Sa'adah jeng Saqowah


Dari Alhabib Ahmad bin Syueb. Ceramah Bahasa Sunda dalam kajian kitab syarh Ratib Alhaddad.



Jelema bisa dinilaina di akhir,bener jeng henteuna, alus jeng gorengna nyaeta di akhir. Lamun maot na dina kaayaan iman jeng islam, eta jelema akhir na alus, lamun maotna dina doraka atanapi dina kaayaan maksiat ka Allah maka eta jelema akhirna teh dina kaayaan goreng. Teu aya nu uninga engke urang teh akhirna dina kaayaan sae atawa goreng, walaupun urang ti ayeuna berusaha mementa ka Allah SWT supaya urang maot dina kaayaan sae, teu aya nu uninga. Mudah mudahan harepan jeng permohonan urang dikabulkeun ku Allah SWT.

Habib Abdullah bin Alwi Alhaddad nyarios dina kitabna syarh Ratib Alhaddad nu artina: 
Kanyahokeun ku anjeun kabeh bahwa ciri kabagjaan nyaeta Allah mere taufiq ka eta jelema jang ngalakukeun amal sholeh dina waktu hirupna jeng gampang ngalakukeun amal sholeh tersebut.” 
Eta ciri jelema anu sa’adah (anu bagja).
tapi ciri jelema anu saqowah (anu cilaka) ku Allah dibere hese dina ngalakukeun amal sholeh, jeng dibere babari kanu amalan goreng.” 

Tiasa katingali ku urang sarerea lamun ukuran nana seperti kieu mah. Jelema picilakaeun nyaeta jelema anu hese ngalakukeun amal sholeh, pagawean nateh ngalakukeun amal goreng. Tapi jelema anu pisalameteun di dunia jeng di akherat jelema eta dibere taufik ku Allah untuk ngalakukeun amal sholeh jeng babari, resep, teu hararese ngalakukeun dina amal sholeh teh. 
Ketika dibere nyaho ieu amal sholeh teh resep, babari ngalakukeun nana. Diajak ngalakukeun amal sholeh teh babari diajakna teu nepi ka sospol sosorongot jeng popolotot we diajak pangajian ge, diajak berjamaah kudu heula popolotot, diajak ngaji popolotot deui bae, tah eta mah jelema anu piheseun.
Ku Allah dibere hese ngalakukeun amal hade teh, tah eta ciri jelema anu saqowah (anu cilaka). Anu aya didiri jelema teh aya 2 dibere pilihan ku Allah teh, sa’adah jeng saqowah, sa’adah teh salamet dina waktu hirup jeng waktu maotna, henteu murtad teu kufur, teu musyrik ka Allah teu ninggalkeun ibadah. Tapi ani saqowah cilaka, loba pelanggaran nana, maksiat terus terusan ibadah embung, ngalakukeun hak hak Allah embung, hak hak jelema ge embung jeng sagala macemna, eta ciri jelema anu saqowah.

Sagala rupa digampangkeun ku Allah untuk apa orang itu diciptakan, saha saha jelema anu diciptakeun ku Allah jang pisurgaeun bakal digampangkeun eta jelema teh ngalakukeun pagawean ahli surga, jeng saha saha jelema anu diciptakeun ku Allah jang ahli naraka bakal digampangkeun eta jelema teh ngalakukeun pagawean ahli naraka. 
Ayeuna urang tingali kadiri urang apa nu ku urang dilakukeun teh pagawean ahli surga apa ahli naraka?

0 komentar:

Posting Komentar