“Kanyahokeun ku
anjeun bahwasanya jalmi anu mu’min, anu dipandang ku agama, anu pandangan mata
nateh make agama, pandangan hatena make agama, pikiran nana make agama, anu
jero anu panceug anu kuat anu pageh dina elmu jeng kayakinan nana adalah orang
orang anu nga-aluskeun amalna keur Allah S.W.T, di alus alus.
Urang osok
solat? Dialus alus teu solat urang? Urang osok ngaji Alquran? Alus teu atawa
dialus alus teu ngaji Alquran urang? Urang osok sodakoh, dialus alus teu
sodakohna? Dialus alus teu akhlaqna? Tah jelema anu mu’min anu jero elmuna, anu
jero panceug kayakinan nana eta anu sok nga alus aluskeun amalna karena Allah.
Salah sahiji conto,
Bedana jelema islam jeng jelema kafir teh ari jelema kafir tara solat jelema
islam osok solat. Urang Alhamdulillah osok solat berarti urang kakarek oge
muslim. Seperti salah seorang sahabat dongkap ka Rasulullah shalallahu ‘alaihi
wasallam dan berkata “Yaa Rasulullah Nahnu mu’minun” (Kami sadaya jalmi jalmi
anu iman). Terus saur Rasulullah shalallahu ‘alaihi wasallam “Laa. Qul nahnu
muslimun” ulah nyebut mu’minun tapi bejakeun abdi sadaya jalmi jalmi islam,
ulah ngecap diri sebagai jalmi mu’min. Ulah waka ngomong ngomong ahli iman,
anjeun karek oge ahli islam.
Cirina islam
osok solat, tah solat urang teh ges dialus alus can? Apa karek ge gurupak gerepeuk nupenting mah
ngalaksanakeun kewajiban? Urang kacida alusna lamun can solat ngarasa boga
hutang. “can jongjon tuda ari can solat teh” misal, atawa durr ashar buru buru
solat ngarah jongjon lalajo Persib, pan solatna urang mah ngarah jongjon lalajo
lain karena Allah, bener? Pas durr isya "kela ulah waka kaluar ti imah ngarah
jongjon ulin", Lain karena Allah berarti urang kakarek oge islam acan mu’min
cenah.
Sasalaman urang
ka indung ngarah tenang dijalan. Lain karena Allah deuih. “asa boga hutang ari
kaluar teu sasalaman kaindung teh sieun cilaka” berarti can iman urang teh
sabab lain karena Allah, tah ieu nu ngabedakeun urang jeng tingkatan para
ulama, para mu’minun. “Atuh ari kitu mah ulah weh sasalaman”, nya sasalaman da
urang islam. “Atuh ari kitumah ulah solat tapi lalajo persib weh hayoh”, nya
solat hela da urang teh islam. “Atuh ari kitu mah keweh isya teh setengah dua
peuting”, nya isya hela samemeh kaluar imah da urang teh islam. Adapun mu’min
kadituna nya engke inshaAllah aya taufik ka urang sadaya urang menjadi mu’min.
Nukumaha? Nu sok ngalus ngalus amalna da Allah ge teu ujug ujug mere.
Misal sholat
dhuha, “ah urang mah 2 rakaat we sholat dhuha teh nu penting mah sholat dhuha”
acan etateh acan mu’min karek ge islam, karek oge daek can ngalus ngalus. Dina
hal taraweh “ah mening nu gancang taraweh mah nu lelet mah urang sok bari
ngalamun jeng tunduh atuda padu tos dahar tea, kopi ge euweuh pangaruh, sabot
ngopi weh leungit tunduh teh kopi beak nya tunduh datang deui” tah berarti
urang karek islam, can iman.
Maka saur
Rasulullah shalallahu ‘alaihi wasallam “tong nyebut iman tapi sebutkeun
ente islam”.
0 komentar:
Posting Komentar